top of page
Search

KHUTBAH JUM'AT BASA SUNDA

  • alhasanahboardings
  • Feb 21
  • 3 min read

BULAN SYA'BAN

Oleh : KH. Muhammad Ridwan

KHUTBAH KA HIJI

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ اْلغَفُوْرِ الشَّكُوْرِ, وَهُوَ الْوَارِثُ الرَّشِيْدُ الصَّبُوْرُ, اَشْهَدُ اَنْ لآَاِلٰهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهٗ لاَشَرِيْكَ لَهٗ اْلعَالِمُ بِذَاتِ الصُّدُوْرِ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهٗ وَرَسُوْلُهٗ عُبْدٌ شَكُوْرٌ, اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلىٰ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىٰ اٰلِهٖ وَاَصْحَابِهٖ دَآئِمًا طَوْلَ الدُّهُوْرِ, اَمَّابَعْدُ, اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ, اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ, اَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, وَمَنْ يَتَّقِ اللهَ يَجْعَلْ لَهٗ مِنْ اَمْرِهٖ يُسْرًا


Alhamdulillahi robbil ’alamin, palawargi mangga urang sasarengan muji ka Alloh, urang sadaya teras-terasan dipasihan kurnia rohmat, kalawan welas asih Alloh, urang ngalaman sasih mulya sasih Rewah. Nami ieu nami aslinamah Sya’ban anu berkah, ku para karuhun dinamian Rewah, dupi Rewah teh dicandak tina kalimat arwah.


Nyaeta jama tina kalimah ruh, maksadna sing seueur ngarewahkeun, nyaeta ngaduakeun ka para arwah, ngaduakeun ka para ibu rama, para guru sareng muslimin muslimat. Jalma anu seueur ngaduakeun ka ibu rama kalebet jalmi soleh.


Janten nganamian Sya’ban ku Rewah, para sepuh urang miwarang, kedah saroleh, kedah ngaduakeun ibu rama, sareng kedah takwa.


Hadirin anu mulya

Sasih Sya’ban teh sasih anu berkah anu mulya, kalawan welas asihna Alloh, Mantena ngaganjar dina sasih sya’ban langkung tikel-tikel, langkung ageung. Ganjaran amal  sasih rajab 70 tikel, dina sasih sya’ban 700 tikel, dina sasih romadon 1000 tikel. Kangjeng Rosululloh Saw nganjurkeun rupi-rupi ibadah dina sasih sya’ban diantawisna saum.

Dawuh Rosululloh Saw

يَرْفَعُ اللهُ اَعْمَالَ اْلعُبَّادِ كُلَّهَا فِى هٰذَا الشَّهْرِ

Gusti Alloh ngangkat buku amal abdina teh dina ieu bulan Sya’ban.

Sasih Sya’ban teh sasih marema amal, utamina dina malem nisfu sya’ban, dawuh Rosululloh Saw :

اَتٰنِيْ جِبْرِيْلُ لَيْلَةَالنِّصْفِ مِنْ شَعْبَانَ وَقَالَ يَامُحَمَّدُ هٰذِهِ لَيْلَةٌتُفْتَحُ فِيْهَااَبْوَابُ السَّمَآءِوَاَبْوَابُ الرَّحْمَةِ

Geus datang ka kami malaikat Jibril dina malem nisfu Sya’ban, ceuk malaikat Jibril “ hey Muhammad, dina peuting ieu teh dibukakeun panto langit jeung panto rohmat, kukituna pek geura solat sunat, pek ngadua namprakeun dampal leungeun ka langit. Kami naroskeun ka Jibril, “ ieu teh malem naon ?”, jawab Jibril “ dina ieu peuting dibukakeun 300 panto rohmat, mangka Alloh ngamparkeun pangampura-Na ka sakabeh manusa anging 10 jalma.

  1. Anu musyrik

  2. Anu sok nyihir

  3. Anu sok dudukun

  4. Anu mumusuhan

  5. Anu sok mabok

  6. Anu sok jinah

  7. Anu ngadahar barang riba

  8. Anu nganyerikeun indung bapa

  9. Tukang ngadu-ngadu ka batur

  10. Anu megatkeun silaturrahmi


Tah anu 10 mah kudu tobat heula anu khusus, saterasna Kangjeng Nabi Solat sunat sareng nangis dina waktos sujud, teras ngas du’a.


Palawargi anu mulya! Seueur hadis anu nerangkeun kana padilahna sasih Sya’ban ku rupi-rupi amal ibadah anu sipatna bebas henteu aya anu dikhususkeun sapertos solat sunat tasbeh, solat sunat hajat, solat sunat mutlak, ngaos Qur’an, dzikir, wiridan, ngadua sareng sajabina. Kumargi kitu, urang kedah seueur ibadah, boh nyalira atanapi berjamaah riungan supados aya jalmi alim anu mingpin. Nanging upami solat sunat sapertos solat sunat tasbeh, tobat, awabin, hajat sareng sajabina, masing-masing bae, henteu niat berjamaah. Dawuhan Rosululloh Saw

مَنْ عَظَّمَ شَعْبَانَ وَاتَّقَى اللهَ تَعَالىٰ وَعَمِلَ بِطَاعَتِهٖ وَاَمْسَكَ نَفْسَهٗ عَنِ الْمَعْصِيَةِ غَفَرَاللهُ ذُنُوْبَهٗ وَاٰمِنَهٗ مِنْ كُلِّ مَا يَكُوْنُ فِى تِلْكَ السَّنَةِ مِنَ اْلبَلاَيَا وَاْلاَمْرَاضِ كُلِّهَا

Sing saha ngagungkeun bulan Sya’ban jeung takwa ka Alloh, jeung toat ka Alloh, jeung nahan dirina tina kama’siatan, mangka Alloh bakal ngahampura kana dosa-dosana jeung ngaraksa Alloh tina rupa-rupa kajadian dina eta taun, tina balai jeung panyakit sakabehna.


Muga Alloh Swt ngahapunten kana dosa urang sanaos seueur, nampi kana ibadah urang sanaos arawon, ngaraksa tina tina sagala balai sareng panyawat, salamet bagja dunya akherat.

بَارَكَ اللهُ لىٖ وَلَكُمْ فىِ اْلقُرْاٰنِ الْعَظِيْمِ, وَنَفَعَنِى وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلاٰيَاتِ وَالذِّكْرِالْحَكِيْمِ, وَتَقَبَّلَ مِنِّى وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهٗ اِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ اْلعَلِيْمُ


KHUTBAH KA DUA

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ اْلوَاحِدِ اْلقَهَّارِ, اَلَّذِى يُكَوِّرُ الَّيْلَ عَلَى النَّهَارِ, وَسَخَّرَ الشَّمْسَ وَاْلقَمَرَ, اَشْهَدُ اَنْ لآَاِلٰهَ اِلاَّاللهُ الْمَلِكُ الْجَبَّارُ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهٗ وَرُسُوْلُهٗ نَبِيُّ الْمُخْتَارِ,


اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىٰ نُوْرِاْلاَنْوَارِ, سَيِّدِنَا وَمَوْلَنَا مُحَمَّدٍ خَيْرِالْبَشَرِ, وَعَلىٰ اٰلِهٖ وَاَصْحَابِهٖ وَمَنْ تَبِعَ الْهُدٰى اِلىٰ يَوْمِ الْحَشْرِ, فَيَاعِبَادَاللهِ, اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ, وَقَالَ تَعَالىٰ, اِنَّ اللهَ وَمَلٰٓئِكَتَهٗ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يَآاَيُّهَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا صَلــُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا,


اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلىٰ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَبَارِكْ وَسَلِّمْ اٰمِيْنَ يَارَبَّ اْلعَالَمِيْنَ, اَللّٰهُمَّ اَحْيِنَا سَالِمِيْنَ, وَتَوَفَّنـَا مُسْلِمِيْنَ, وَاحْشُرْنَا فِى زُمْرَةِ الشُّهَدَآءِ وَالصَّالِحِيْنَ, , اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ وَارْحَمِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ, وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ, اْلاَحْيَآءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ ,


اَللّٰهُمَّ رَبَّنـَا اٰتِنـَا فِى الدُّنْيـَا حَسَنَةً وَّفِى اْلاَخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ, بِرَحْمَتِكَ يَـآاَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ , عِبَادَاللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ, وَاْيتَآءِ ذِى اْلقُرْبٰى وَيَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ, يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. نَسْتَغِفُرُاللهَ لٖى وَلَكُمْ



 

Untuk mendapatkan informasi terbaru silahkan bergabung dengan saluran WA kami





Info Pendaftaran Santri Baru


 
 
 

Comments


© 2025 by Santri Cikalongwetan

  • w-facebook
  • Twitter Clean
bottom of page